Thursday, July 12, 2007

sajarahna urang jepang..

jaman penjajahan mah tentara Jepang anu kacida dipikasieun teh. Garalak, hahaok, jeung babari teuteunggeul. Padahal urang Jepang harita mah awakna paretekel, pendek, teu jiga urang Jepang jaman ayeuna.
Ku sabab dipikasieun, nya kitu jadi ngagalaksak kana sagala. Harta banda urang lembur nu kasaba ku tentara Jepang mah pasti ledis, beak beresih. Nepi ka bedog buntung, peso butut, lain omong bohong, dirampid, duka jang naon. Malah pan wanoja mah ulah we katenjoeun ku tentara Jepang teh. Soalna mun kalandep, pasti moal bisa baha, kudu daek jadi korban panadah birahi maranehanana. Pan kadieunakeun mindeng kabejakeun, para jugun ianfu alias para wanita korban tentara Jepang menta parurugi sabab baheula geus digadabah tur dirurujit ku tentara Jepang.
Kahayang teh cing atuh nya kajadian baheula teh sing dijieun eunteung. Najan teu ngalaman sorangan, pan urang ge pasti ceuceub ka jelema nu haok hamprong, bari jeung ceceremed sagala dirampid. Ari taeun, ieu mah kalahka ditarurutan ku urang. Galakna, rarampidna, kabeh ditiron. Na rek karumaha cenah ieu teh?.abdi hayang berikeun saran maneh ayeuna hayang ngikutkeun gayanya atawa bahasana.mereun maneh hayang jadi jelma jepang nu sadis kitu.

created by inne

0 comments:

SELAMAT DATANG DI BLOGKU.UNTAIAN KATA-KATA YANG TERPANCAR DI DALAM JIWA.SEMOGA BERMANFAAT BAGI YANG MEMBACA.