Thursday, July 12, 2007

naon bedana gelut jeung tinju.............

Duka kunaon, kuring mah sok teu puguh rarasaan mun ningali jelema gelut abdi teu hayang lalajo. Enya da beda pan gelut jeung tinju mah, najan prinsipna mah sarua silih teunggeul, silih gitik. Ari dina tinju mah pararuguh aturanana, ari nu gelut mah sakainget, nu penting lawanna bisa eleh jeung keok.
Najan gelut-gelut keneh, tinju mah diatur, sangkan akibatna bisa diminimalkeun. Malah pan nepi ka aya sakolana. Enya samodel sakola lah, najan disebutna lain sakola, tapi sasana tinju. Nu matak kaget, aya sakola nu lain sakola tinju, tapi singhoreng gebug jeung teunggeul teh geus jadi lalab sapopoe.
Seserenteng, hahaok tetela henteu identik jeung hiji seler atawa bangsa. Watek kasar, embung eleh, ngandelkeun kakuatan pisik bisa aya di mana wae, di seler mana wae. Buktina urang Indonesia nu majar someah hade ka semah, mun ditengetan mah bet asa teu katembong. Teu di cacah teu di menak eta teh. Nya tungtungna mah mun ngarasa dipikasieun tur aya kasempetan, tuluyna teh kana rarampid. Mangpang-meungpeung, meungpeung dipikasieun!

0 comments:

SELAMAT DATANG DI BLOGKU.UNTAIAN KATA-KATA YANG TERPANCAR DI DALAM JIWA.SEMOGA BERMANFAAT BAGI YANG MEMBACA.